Login Register
G
FOOTBALL SPORT

FOOTBALL SPORT

@UC13dnef_I4DYnv5-QRAkh5g

Jampe-jampe harupat Geura gede geura lumpat Sing jauh tina maksiat anaking Ngarah salamet akherat Jampe-jampe harupat Geura gede geura lumpat Susah senang omat sholat anaking Beunghar kade poho zakat Jampe-jampe harupat Pek dudunya satakerna Lir ibarat hidep di dunya Rek hirup saumur dunya Jampe-jampe harupat Prak ibadah satakerna Lir ibarat hidep di dunya Rek cacap engke sareupna Dodoja datang tong kalut Sanghareupan make imut Ulah rek aral subaha anaking Sing percaya ka nu kawasa Maha welas maha asih Moal aya pilih kasih Sagala nu karandapan kuhidep Tangtuna bongan sorangan Ti bapa ieu pepeling Ngarah hidep hirup salawasna eling Heunteu berang heunteu peuting Hidep kudu soleh satungtung nyaring